MENU

Translator

English French German Spain Italian Dutch Russian Portuguese Japanese Korean Arabic Chinese Simplified

Rabu, 05 Oktober 2011

LALAGUAN JEUNG KAULINAN + GURIT MANG KOKO





Lalaguan Barudak
1. Ucang ucang angge
mulung muncang ka parangge
digogog ku anjing gede
anjing gede nu Pa Lebe
ari gog gog cungungung

2. Trang trang kolentrang
si londok paeh nundutan
tikusruk kana durukan
mesat gobang kabuyutan

3. Tongtolang nangka
kawinan bapa
poe salasa
teu beja-beja
aduh aduh si bapa
teungteuingeun ka ema
bapa mah suka suka
jeuh nu ngora

4. Yu batur urang ulin ka Cibadak
ah embung sieuna badak nu kamari
geus euweuh geus dibedil ku si Jendil
Ndil ndilong si Jending dirawu kelong

5. Perepet jengkol jajahean
kadempet konxxx jejeretean

6. Pa Deong Pa Deong
pangmukakeun lawang angin

7. Cing cangkeling
manuk cingkleung cindeten
plos ka kolong
bapa Satar buleneng

8. Tokecang tokecang
malik pendil tosblong
angeun kacang angeun kacang
sapariuk kosong

9. Aya hiji kurung
pinuh ku japati
japati kaluar
disada uok uokan
Alim karamana
alim ka ibuna
hoyong kaputrana
nu centik bulu socana

10. Colenak beuleum peuyeum digulaan
awas bom batok (2x)
rebu rebu rada nyentok (2x)
leumpangna dicentok centok (2x)
sieun nincak tai kotok

11. Blung blong
tampelet tampa gelom
lalamis bulu maung
cerentel cantel
pakuong doblus

12. Abdi teh ayeuna
gaduh hiji boneka
teu kinten saena
sareng lucuna
Ku abdi dierokan
erokna sae pisan
sumangga tingali
boneka abdi

13.Patani
Leumpang gagancangan, muru pagawean
Ngagedig leumpang patani
Paculna dipanggul, bari udud ngebul
Mapay jalan nu sasari
Datang-datang gecruk macul
Ngolah sawah ambeh cukul

Bapa tani jongjon, ngolah sawah kebon
ngadekul ngagarap hanca
kuat kahujanan, kuat kapanasan
tulaten ngurus pakaya
bapa tani ahli bakti
babakti ka lemah cai

14.Lalamunan
Mun pareng abdi nincak dewasa
Bade ngabantu rukun tatangga
Gotong royong tur sabilulungan
Trong-trong-trong sora kohkol ngelingan

Mun abdi pareng nincak dewasa
Haying laksana jadi tentara
Ngusir musuh nu rek niat jail
Dor dor dor musuh paeh dibedil

Mun abdi pareng jadi nu kaya
Moal nyaah ka dunya barana
Pakir miskin nu katalangsara
Sok sok sok rek dibagi walatra


Kaulinan 
1. Ambila-ambilan
Ambil-ambilan turuktuk hayam samantu
saha nu di ambil
kami mah budak pahatu
purah nutu purah ngejo
purah ngasakan baligo
purah tunggu bale gede
nyerieun sukuna kacugak ku kaliage
aya ubarna urat gunting sampurage
tiguling nyocolan dage.

2.Cingciripit
Cingciripit
tulang bajing kacapit
kacapit ku bulu pare
bulu pare seuseukeutna
jol Pa Dalang
mawa wayang jrek-jrek nong.....

3.Lalandakan
Landak landak sonari
kop cau kop tiwu
hakaneun sia janari
bekel miang ka batawi
kop jurig jarian
kop jurig tangkod
kop jurig pacilingan
kop jurig onom......

4.Oray-orayan
Oray orayan
luar leor mapay sawah
tong ka sawah
parena keur sedeng beukah
Oray-orayan
laur leor mapay leuwi
tang ka leuwi
di leuwi loba nu mandi
Oray-orayan
oray naon, orya bungka, bungka naon, bungka laut
laut naon, laut dipa, dipa naon,...dipandeuriiiii...

5. Tat tit tut
daun kanyere (kaliki)
saha nu hitut budak awewe (lalaki)
dibawa kasaung butut
balikna ngaburusut


Gurit Mang Koko

Patani

Leumpang gagancangan, muru pagawean
Ngagedig leumpang patani
Paculna dipanggul, bari udud ngebul
Mapay jalan nu sasari
Datang-datang gecruk macul
Ngolah sawah ambeh cukul

Bapa tani jongjon, ngolah sawah kebon
ngadekul ngagarap hanca
kuat kahujanan, kuat kapanasan
tulaten ngurus pakaya
bapa tani ahli bakti
babakti ka lemah cai

___________________________________________________________________________________________________

Nanggerang – Nanggorék (Kakawihan Barudak Baheula)
Yu batur urang ulin ka Nanggerang
ah embung sieun lila teuing beurang
keun atuh ambéh umur urang panjang
nu panjang Nini Aki Balangantrang
Leuleui leui leuleu leuleuyang aya mojang geulis pisan

Yu batur urang ulin ka Nanggorék
ah embung Nanggorék mah lila poék
keun atuh ambéh seubeuh ngélékéték
lékéték embung sieun bareuh kélék
Leuleuileuyang aya bujang teu
uyahan 
___________________________________________________________________________________________________

Balap Lumpat

Balap lumpat patarik-tarik lumpatna
Balap lumpat paheula-heula tepina
Hiji dua barudak sadia
Tilu barenglumpat paheula
Lumpat tarik bebeakan
Muru kalang pameunangan

Lumpat tarik meakkeun kabeh tanaga
Embung kasor haying datang pangheulana
Lumpat tarik tangtuna sok lempoh
Silih susul ambekan hah-heh-hoh
Nicak kalang pameunangan surakna ayeuh-ayeuhan

Balap lumpat papada hayang tiheula
Balap lumpat museurkeun kabeh tanaga
Lumpat cape beakkeun tanaga
Lesu ngaclek nyusul teu kaduga
Lumpat nyisi dodongkoan
Ku baturna dikeprokan
___________________________________________________________________________________________________

Gumbira

Rasa guligah rapot alus angkana
Seuri gumbira ha ha ha ha
Seubeuh pamuji irung ge asa kembung
Igel-igelan pak pong pak pong gung

Rasa guligah itungan bener kabeh
Seuri jeung surak, heup heup heup horseh
Waktu pakanci ulin bareng ngalabring
Kakarawihan, during duraring

___________________________________________________________________________________________________

Niron Tentara

Ngabaris beres niron tentara
Terus maju jalan tu dwa tu dwa
Leumpang gandang dangah gagah
Baris bari ngatur lengkah

Nyorendang bedil niron tentara
Belok kanan kiri tu dwa tu dwa
Ngerab-ngerab sang dwi warna
Siap maju bitotama

Leumpang dipirig ku tatamburan
Keupatna diatur tu dwa tu dwa
Lencang kanan lencang kiri
Terus maju banting kaki

___________________________________________________________________________________________________

Pahlawan (Karatagan Pahlawan)

Teu honceang sumoreang
Tekadna pahlawan bangsa
Cadu mundur pantrang mulang
Mun maksud tacan laksana
Berjuang keur lemah cai
Lali rabi tur tegang pati
Taya basa menta pamulang tarima
Iklas rido keur korban merdeka.
___________________________________________________________________________________________________

Hayam jago

Kongkorongok Si Jago
Kukuruyuk Si pelung
Rebun-rebun geus nyaring ngajak carincing
Ngabar sora jeung baturna
Raong kongkorongok bari papacok

___________________________________________________________________________________________________

Ngayuh Hujan

Hujan turun tutumplukan
Kuwung-kuwung narembongan
Anu hejo anu kayas
Matak kelar matak waas
Cur hujan geura breg turunsing rata
Pek siram tatanen masing walatra

Hujan geura turun deui
Supaya maseuhan bumi
Bumi tempat pepelakan
Sangkan timbul karaharjaan
Cur hujan geura breg turun sing rata
Pek siram tatanen masing walatra

Hujan turun tutumplukan
Rek nulungan pepelakan
Nu keur meunang kasusahan
Rek laju kahalodoan
Cur hujan geura breg turun sing rata
Pek siram tatanen masing walatra
___________________________________________________________________________________________________

Lalamunan

Mun pareng abdi nincak dewasa
Bade ngabantu rukun tatangga
Gotong royong tur sabilulungan
Trong-trong-trong sora kohkol ngelingan

Mun abdi pareng nincak dewasa
Haying laksana jadi tentara
Ngusir musuh nu rek niat jail
Dor dor dor musuh paeh dibedil

Mun abdi pareng jadi nu kaya
Moal nyaah ka dunya barana
Pakir miskin nu katalangsara
Sok sok sok rek dibagi walatra
___________________________________________________________________________________________________

Layung

Beureum koneng pulas langit
Tingarudat siga gambar
Alam endah leuh mindah rupa
Awor jeung warnaning kembang di buruan

Hayu batur hayu batur
Buruan geus ngadagoan
Urang ulin yu gogonjakan
suka seuri galumbira tetembangan
____________________________________________________________________________________________________

Bandung

Bandung…Bandung
Bandung nelah kota kembang
Bandung…Bandung
Sasakala Sangkuriang
Dilingkung gunung heurin ku tangtung
Poseur kota nu mulya parahiyangan
Bandung…Bandung
Pada muru dijarugjugan

Bandung…Bandung
Tingrunggunuk nyanding gunung
Bandung…Bandung
Dipasieun Cikapundung
Di Bandung munpung, jalma ti kampong
Ngadon reureuh di kota nyinglar kabinung
Bandung…Bandung pangbeberah nu ngadon nguyung
____________________________________________________________________________________________________

Tumpak Beca

Tumpak beca beca
Jalan anca anca
Suka ria galumbira

Tumpak beca bari gogonjakan
Calikna bari lalagdayan

Darmawisata kukurilingan
Niron anu numpak mobil sedan

Jalanna muter kukulinceran
Itung-itung pelesiran
Beca beca beca
Nawar beca jeung pilihan
Sangkan cukup ku tiluan

Angin leutik raos ngahiliwir
Nebak ka nu keur pelesir
Beca beca beca
Jalanna hayang nguriling
Mayarna tong mahal teuing

Tumpak beca beca
Jalan anca anca
Suka suka ria galumbira


___________________________________________________________________________________________________

Ulin di Buruan

A…….a a a a a ha ha ha galumbira
I………i i i i i i hi hi hi suka seuri

Ulin di buruan ulah sok silih heureuyan
Ulin di buruan ulah sok silih poyokan

Ulin di buruan ulah sok kamalinaan
Lamun kaleuwihan urang nu rugi sorangan

___________________________________________________________________________________________________

Anggrek Japati

Angkrék japati na cangkring keur karembangan
sisi wahangan barodas
kareta api geus datang sinyar geus muka
reg di stoplas Cibodas
gupay-gupay anaking
gupay-gupay digupaykeun ku manéhna
reumbay-reumbay anaking
reumbayna nginjeum cipanon ti manehna.


___________________________________________________________________________________________________
[edit] Angin Priangan

Seungit angin priangan
ngusapan embun-embunan
duh, embun-embunan
hawar-hawar rerendahan ngahariring
ayun ambing, ayun ambing.

Seungit angin kahyangan
sumerep na lelembutan
duh, na lembutan
hawar-hawar rerendahan ngahariring
éling-éling, mangka éling.

Dengkleung déngdék
dengkleung déngdék sisi lamping
anu déwék, enya anu kuring
tanah wasiat, tanah duriat
anu matak tibelat nya rarasaan.

Dengkleung déngdék
dengkleung déngdék sisi lamping
anu déwék, enya anu kuring
tanah katresna jati sarakan
anu tetep nyarengan nya lelembutan.


___________________________________________________________________________________________________[edit] Bulan Langlayang Peuting

[Bulan téh langlayangan peuting
nu ditatar dipulut ku tali gaib
entong salempang mun kuring miang
ditatar ti Tatar Sunda
dipulut nya balik deui ka dieu
ieuh, masing percaya.] x 2

[Bedil geus dipéloran
granat geus disoréndang
ieu kuring arék miang
jeung pasukan Siliwangi
ka Jogja hijrah taat paréntah.] x 2

[Bulan téh langlayangan tineung
nu ngoleang dipulut ku angin gaib
entong salempang mun kuring anggang
kapirarai tanah Sunda
kacipta mun balik enung mapagkeun
ieuh, di dora lembur.] x 2

[Bedil geus dipéloran
granat geus disoréndang
ieu kuring arék miang
jeung pasukan nusaati
ka wétan muru bijil balebat.] x 2

___________________________________________________________________________________________________
[edit] Dina Jandela

Tina jandéla urang silih gupayan
lemu paneuteup deudeuh jeung geugeut neuteup eunteub
tara nu nyora simpé henteu nyarita
ngukir ciptaan tresna jeung asih marengan

Lir nu keur ngimpi, lir nu keur ngimpi
gambar lamunan naon geuning nu katepi.
lir nu disirep, lir nu disirep
geter katineung reureuh geuning, rep rerep.

Tina jandéla urang silih kiceupan
imut kareueut raga katresnaan padeukeut
langit keur lenglang jauh tina kamelang
urang jadikeun galeuh pasini lawungkeun.

___________________________________________________________________________________________________
[edit] Hareupeun Kaca

Hareupeun kaca ngajanteng salila-lila
roman alum gurat duka atra narémbongan
hareupeun kaca sagala nu karandapan
lalakon katukang-tukang nungtut narémbongan.

Reueuk rumeuk dina eunteung
semu keueung semu nineung
jiwa awaking nyarita jiga nu nganaha-naha
duh ieung geuning jiga nu nganaha-naha.

Béjakeun deudeuh, bejakeun
rumasa geus katalimbeng.
___________________________________________________________________________________________________
[edit] Hariring Nu Kungsi Nyanding

Purnama nu kungsi leungit
ayeuna nganjang ka buruan deui
anu kungsi kapiati
kiwari urang ditepangkeun deui.

Hariring nu kungsi nyanding
ayeuna datang ngahaleuang deui
hayu pataréma tineung
cacapkeun meungpeung aya kasempetan

Ayeuna mangsa nu éndah
hayu urang suka bungah
caang bulan opat belas
narawangan haté bangbras

Ayeuna mangsa nu éndah
hayu urang suka bungah
caang bulan opat belas
narawangan ati bangblas.

___________________________________________________________________________________________________[edit] Imut Malati

Imut malati
wengi tadi geuningan patepang deui
nu kapiati ti kapungkur
jungjunan dianti-anti

Ti Gunung Putri
sareng saha salira lungsur ka landeuh
lagu kamari ngagalindeng
lalakon gending kadeudeuh

Najan sakedap jorélat tunjung balébat
éstu mo hilap karaos matak tibelat
ku henteu terang mulihna
ku henteu terang mulihna
eeh, naha iraha.

Najan mung imut saulas sakilat ilang
tansah kairut hanjakal teu sering tepang
ku henteu terang léosna
ku henteu terang léosna
eeh, geuning kamana.

___________________________________________________________________________________________________

[edit] Kembang Impian

Antara lolongkrang kiceup
urang pateuteup
bulan pias enteupna lalangsé kayas
kaca jandéla nu muka
kaca katresna nu muka
peuting téh teuing ku jempling
asih téh teuing ku wening

Pangharepan lir laut nu jero
teu katepi ku sora panggero
urang teuleuman ku geter deudeuh duaan
urang tataran ku karep jeung pangharepan.

Tong teuing ngedalkeun lisan
urang guneman
na ciptaan bagja deukeut patémbongan
geter ti ati ka ati
hiber jadina pasini
saranggeuy kembang impian
sungkemeun kana lamunan.

___________________________________________________________________________________________________
[edit] Longkéwang

[Baheula mun pareng nganjang
suguhna imut nyi lanjang
asih nu nganteur harepan
pasini na kasadrahan.] x 2

Mmmh, deudeuh teuing
na peuting héab naraka
aya nyawa milar raga
bébéné mulang ti heula
bébéné mulang ti heula.

Mmmh, deudeuh teuing
na peuting hujan cimata
aya waruga palastra
jajaka raheut haténa
jajaka raheut haténa.

[Ayeuna mun pareng nganjang
nu témbong ukur kalangkang
mega mendung na jajantung
lagu liwung na bangbarung.] x 2

.. lagu liwung na bangbarung.

___________________________________________________________________________________________________
[edit] Malati di Gunung Guntur

Malati di Gunung Guntur
seungitna sungkeman ati
bodas sésétraning asa
jadina tina mumunggang leuweung larangan.

Malati di Gunung Guntur
hanjakal henteu dipetik
béja geus aya nu boga
ngahaja melak di dinya tara guriang.

Ayeuna kurang geus jauh
malati sosoca gunung
boa geus aya nu metik duka kusaha.

Kamari jol aya beja
malati ratna mumunggang
majar can aya nu metik duka kunaon.

Malati di Gunung Guntur
ligar dina panineungan, na panineungan
na saha nu baris metik
kuring mah da puguh jauh
biheung kadongkang.

___________________________________________________________________________________________________

[edit] Purnama Urang Nu Boga

Hibar deui purnama, hibar na ati
nyanding kembang malati nu kapiati
aya asih sumérén dina lahunan
aya deudeuh gumulung jero tangtungan
urang teang, enung,
poé isuk bulan sumedang wangi
urang seuseut, enung,
asih suci ari sumujud sari pangaji

Gelar deui lalakon, gelar ayeuna
nyampak lagu wirahma deudeuh kameumeut
taman éndah dicipta tempat ngabungbang
tepung teuteup duaan bunder kageugeut
langit béngbras, euis, bulan pinuh ngagenyas sutra kadéwan
angin lamping, eulis, ngelus laun ari haréwos béja kiriman

Hayu enung patémbongan paheut jangji panganténan, geuning
hayu enung patémbongan paheut jangji panganténan
purnama urang nu boga
ari purnama urang nu nampa.
___________________________________________________________________________________________________

[edit] Sagagang Kembang Ros

Sagagang kembang ros tawis pangbakti ka diri
sulur waléh ti jungjunan, ieung asih nu wening.
Runtuyan haréwos jangji pasini katampi
moal weléh mikahéman, ieuh asih nu wening.

Sarining kembang jatining asih
jadi angkeuhan, duh urang duaan.
Ngaca pangharepan panteng kayakinan
na dasaring ati urang duaan.

Sagagang kembang ros tawis pangbakti ka diri
sulur waléh ti jungjunan, ieung asih nu wening.

___________________________________________________________________________________________________

MASKUMAMBANG :
Hé barudak kudu mikir ti leuleutik,
Manéh kahutangan,
Ku kolot ti barang lahir,
Nepi ka ayeuna pisan

Anu ngurus matak hésé matak pusing,
Sumawon rugina,
Ngan kolot anu gumati,
Ngaméménan salawasna

Maranéh téh kudu baé boga pikir,
Keur mulang tarima,
Ka kolot rék males asih,
Di mana geus cumarita
(Panjoengsi Basa IIA, 1933)

___________________________________________________________________________________________________
PUPUH KINANTI :
Aya saung luhur gunung, paragi gusti ningali, ningali nu moro uncal, uncal digiring ti pasir, pamatang paheula-heula, atra katingal ti pasir.

Tukang ngilang tingcareluk, ngahaokan anjing manting, trong-trang kolotok disada, pasaru jeung haok legig, ngabibira sato hewan, malar bijil ti nu suni.

Uncal ngejat tingjaraul, rikat pamatang ningali, sami ngagaredig kuda, caringcing ngeumbing kadali, gobang walat geus dilugas, semprung kuda lumpat tarik.

Kuda tegarna ngaberung, dungus jurang teu ditolih, ngan uncal anu ditingal, teu lami uncal kaberik, keplas diheumbat ku gobang, uncal rubuh tingjumpalik.
(Ganda Sari V, 1949)
___________________________________________________________________________________________________

PUPUH WIRANGRONG :
Barudak mangka ngalarti
Ulah rek kadalon-dalon
Enggon-enggon nungtut elmu
Mangka getol mangka tigin
Pibekeleun sarerea
Modal bakti ka nagara

___________________________________________________________________________________________________

NGAWIH
Mun cik diajar ngawih
kawih urang kaulinan
kawih sindir bangbalikan

tunggal tumpangeun kawih
nguang-nguang nabeuh irung
nguak-nguik nabeuh ceuli
nabeuh irung cicimplungan
nabeuh ceuli kakawihan
kawih teu puguh buusan
kawih teu tamba tiriseun.

(cobalah belajar berlagu, lagu kita permainan, lagu sindir bentuk pantun. Semata-mata kendaraan lagu, berdengung menabuh hidung, berkuik menabuh telinga, menabuh hidung berdentuman, menabuh telingan berlagu-lagu, lagu tak sampai selesai, lagu obat sunyi).
___________________________________________________________________________________________________


PUPUJIAN (Rd. Machjar Angga Kusumahdinata)

Hayu batur urang dikir,
nya dikir malem ramadhan,
sugan pareng Nabi calik,
ganjaran ti sawarga,
alus ati bisa ngaji,
byar padang, byar caang,
caangna salawé isun.

Saha-saha umat Nabi,
anu dikir saban peuting,
pupujian méméh saré,
mahabah ka Pangéran,
ka Allah Nu Mulya,
tinangtu dipikawelas,

Saha-saha umat Rasul,
boh awéwé boh lalaki,
anu getol maca tasbéh,
dumugi ka reup saré,
ku Allah Nu Mulya,
tinangtu dipikahéman.

Saha baé jelemana,
anu muntang ka Pangéran,
henteu unggut kalinduan,
teu gedag kaanginan,
ku Allah Nu Mulya,
dikabul sapanejana.
___________________________________________________________________________________________________

PUPUH SINOM :
Sinom nu jadi piwulang,
piwulang ka murangkalih,
anu eukeur sarakola,
mambrih salamet nya diri,
ingetkeun beurang peuting,
tungkus dina jero kalbu,
picontoeun salawasna,
kaitkeun di jero ati,
ulah pisan hirup tinggal ti wiwaha.

Babasan sepuh baheula,
mun urang rek nangtung cicing,
dina hiji tangtung urang,
tilik heula masing rintih,
hareup tukang jeung gigir,
ukur ka handap ka luhur,
jeung mun urang lumampah,
léngkah urang kudu telik,
masing awas cucuk rungga burang jungkrang.

Pangajak jeung pangbibita,
ti batur ti kadang wargi,
ulah rusuh dipilampah,
pikir heula masing lantip,
naon nu jadi hasil,
rugi untungna pék itung,
awal ahirna papay,
rarampa ku rasa ati,
gancang pincang jauhan ulah disorang.

Mun geus bener tangtung urang,
gilig dina jero ati,
tétéla manjing ukuran,
éta ulah samar deui,
ulah inggis jeung risi,
sing ajeg urang nya nangtung,
tong unggut kalinduan,
gedag ku hiliwir angin,
masing ajeg jejeg dina tangtung urang.

Mun sakira asa-asa,
ati henteu pati gilig,
ulah pisan rék disorang,
karana matak balai,
asa-asa jeung inggis,
temahna osok malapung,
badan nyorang wiwirang,
anu matak kudu rintih,
sing sampurna nalékna sing asak pisan.
(Soeria di Radja : Panjoengsi Basa). 
___________________________________________________________________________________________________

LINGKUNG LEMBUR :
Tuh di lamping pagunungan,
tuh di pasir gugumplukan,
tempat sirna paniisan,
lingkur lembur padusunan.

Aya mangsa kampung jadi kota, di sisi,
pamungpungan jalma nu ti dayeuh, ngarungsi,
kampung-kampung gegek lir di kota,
sisi gunung ngadadak sagala aya.
(Ganda Mekar Mang Koko)
  
___________________________________________________________________________________________________


DÉWI RENGGANIS
(Cuplikan ti Wawacan Rengganis : R.H. Abdussalam)

Pupuh Sinom :
Warna-warna lauk émpang, réa nu sami jeung pingping, ngagulung patumpang-tumpang, Retna Rengganis ningali, sagala lauk cai, lalawak pating suruwuk, sepat pating kocépat, julung-julung ngajalingjing, deukeut balong balingbing sisi balungbang.

Panyapit hurang jeg rangrang, ngagiring pairing-iring, resep asup kana karang, rarong kana karang curi, jelér pahilir-hilir, pating salasar sulusur, paray arey-areyan, pépét betok tingbaletrik, réa beunteur nu turun kana babantar.

Lauk lindeuk lir dikemat, kairut ku ilmu demit, Rengganis tangtu karamat, wantu putra Maha Resi, manahna gemat-gemit, nu matak réa panemu, tampi piwuruk rama, tipeuting sok sering nyaring, mun ti beurang puasa nyipuh kabisa.

Rengganis kersana siram, geus disalin ku cawening, sutra ipis patelesan, sarta ngirab-ngirab weni, mawur gambir malati, kembang layu dina gelung, rambutna patah lontar, panjang nepi kana bitis, lulus luis teu aya huis salambar.

Rengganis henteu uninga, yén Raden Suwangsa ngintip, tumaninah baé siram, ngaruru saluar diri, siga emas disangling, salira anu ngaruru, siram di jero taman, babasah sutra cawening, yén ditingal siga henteu nganggo sinjang.

Rahadén Iman Suwangsa, mingkin baé ngintip, socana kumedep tasma, teu pisan ngiceup saeutik, jeung pareng teu beresin, ambekan ogé dipegung, napas henteu dilepas, nyaur salebeting galih, boa ieu anu sok malingan kembang.

Ayeuna mah kanyaohan, tangtuna matak balai, lamun lumpat rék diudag, dicerek sanajan ceurik, tayoh geus jadi carik, curuk metik tunjung tutur, rupana geulis pisan, saumur kakara manggih, geus kagendam Suwangsa ku kageulisan.

Katerangan : Wawacan nyaéta wangun karya sastra anu pohara populér dina abad ke-19 nepi ka mimiti abad ke-20. Saméméh urang Sunda mikawanoh wangun penulisan prosa, ampir kabéh wangun tulisan disusun dina wangun puisi wawacan sarta dangding, anu dikarang ngagunakeun aturan pupuh.
___________________________________________________________________________________________________

 
WULANG KRAMA
(Pupuh Asmarandana)

Wulangkrama nu dianggit,
Tegesna wuwulang krama,
Piwuruk lampah nu saé,
Hiji prakara bakuna,
Ulah katungkul ku susah,
Sulit juwet jeung nguluwut,
Balik ka inget peryatna.

Tunggal eusi bumi,
Naon-naon kalakuan,
Nu geus beunang ku nu séjén,
Ku manéh gé meureun beunang,
Lamun cengeng pikiran,
Lampah wekel ati suhud,
Pageuh muntang ka Pangéran.

Kadua prakara deui,
Ari jalma hirup éta,
Ulah katalanjur omong,
Suaban lancang supata,
Upama rugi dagang,
Pingges modal nu kapungkur,
Montong leleb dipikiran.

Balikan gedéan pikir,
Wawani sabeunang-beunang,
Tuluykeun lampah dagang téh,
Anu bakal dipilampah,
Ka hareup nya mikiran,
Teu pedah mikir ka pungkur,
Ka hareup masing waspada.

Katilu prakara deui,
Ulah rék wawanian,
Nangtukeun sagala gawé,
Anu tacan kapilampah,
Manusa teu kawasa,
Sanajan mungguh nu ngadu,
Teu bisa mastikeun meunang.

Kaopat prakara deui,
Wajib kudu dipikiran,
Supama boga kasusah,
Kira aya tambana,
Keur ngaleungitkeun pakéwuh,
Pék leungitkeun masing sirna.

Mun kapikir moal leungit,
Taya pitambaeunana,
Kudu dipasrahkeun baé,
Dipikir gé henteu pédah,
Anggur sok jadi tambah,
Ana dipaké nguluwut,
Buret jadi tambah susah.

Kalima prakara deui,
Papastén teu kanyahoan,
Tandana taya nu nyaho,
Buktina teu bisa nolak,
Kabéh nu kalakonan,
Cara rugi jeung untung,
Sarta bagja jeung cilaka.

Kagenep prakara deui,
Laku lampahing manusa,
Geus kudu prayatna baé,
Rajeun ogé sok katingal,
Baya nu tacan datang,
Saupama langit mendung,
Alamat rék datang hujan.

Nya kitu deui bilahi,
Rajeun ogé katinggalan,
pibayaeun ka awak téh,
sabeunang-beunang pikiran,
pipanulakeunana,
supaya luput pakéwuh,
pibayaeun henteu datang.

___________________________________________________________________________________________________


ALEUTAN MÉNAK:
Burudul ménak ti kidul,
iringan para tumenggung,
candakna angklung jeung degung,
tutup kendang kulit lutung,
dirarawat hoé wulung,
dipirig ku hujan subuh,
ditepak kunu jarangkung.

Burudul ménak ti kaler,
iringan para dipatén,
candakna topéng jeung ronggéng,
tutup kendang kulit banténg,
dirarawat hoé loréng,
dipirig ku hujan soré,
ditepak para cawéné.

Burudul ménak ti wétan,
iringan para kumendang,
candakna parabot perang,
tutup kendang kulit kidang,
dirarawat hoé belang,
dipirig ku hujan beurang,
ditepak ku para lanjang.

Burudul ménak ti kulon,
iringan para kaliwon,
candakna parabot barong,
tutup kendang kulit méong,
dirarawat hoé condong,
momotna hatong jeung rangkong,
éar nu pada narongton.
(Soeria di Radja, Panjoengsi Basa III, 1933)
___________________________________________________________________________________________________

ROESDI & MISNEM (Rd. Djajadiredja & A.C. Deenik, 1930)
(Pupuh Kinanti)

Rusdi ku Ramlan ditungtun
dikaléng diajak balik,
diupahan ku tiluan,
ku Ramlan, paman jeung bibi,
dipapalér dibubungah,
ulah nyantél ka nu balik.

Ti setatsion tarurun,
ngaréndéng anu prihatin,
nu ketir katingal mulang,
nu sedih katilar mulih,
Jang Rusdi wungkul nalangsa,
Sajalan-jalan ngan ceurik.

Pikirna asa pahatu,
di Bandung asa nunggelis,
lieuk lain lieuk lian,
ngumbara jauh ti ahli,
bibi, mamang, reujeung Ramlan,
jaba éta taya deui.

Ras inget ka lembur,
ka sakabéh batur ulin,
ayeuna jadi papisah,
paturay moal papanggih,
ganti ku budak alanyar,
boa teuing teu saati.

Inget ka jaman kapungkur,
keur basa manéhna leutik,
arulin jeung sobat-sobat,
ka cai jadi saleuwi,
ka darat jadi salebak,
runtut raut ruket dalit.

Jang Rusdi tungkul melenguk,
sasambat jeroning ati,
duh Ema kuma petana,
pilampaheun diri kuring,
aya di pangumbaraan,
kareueung kaletir teuing.

Prihatin aya di Bandung,
anggang ti kolot ti adi,
iraha atuh iraha,
urang babarengan deui,
Nyi Misnem naha bet iklas,
Akang teu diajak balik.

Nya dalah kumaha atuh,
da geus jamakna lalaki,
geus galib jaman ayeuna,
kudu iklas buang diri,
jalan nyiar kapinteran,
henteu kudu leutik ati.

Anggur pasrah ka Yang Agung,
mugi-mugi Maha Suci,
maparin sabar tawekal,
pasrah ka papastén diri,
ulah rék aral subaha,
kitu cék pikiran Rusdi
___________________________________________________________________________________________________




KAKAWIHAN MIARA HUNTU
(Cangkurileung Mang Koko - Taman Pamekar I)
Huntu hadé piara
Neut hudang nyikat huntu
Rék saré nyikat huntu
...Getol ngaberesihan
Kasakit ngajauhan
Lamun kurang piara
Rék ulin nyeri huntu
Bongan kurang niténan
Nyerina nyanyautan.

Bereséka ngurus huntu
Sing mindeng dikosokan
Sing mindeng dititénan
Lamun nyeri saeutik
Gancang ka Poliklinik
Teu tuman ngurus huntu
Jeung sok rasa mokaha
Huntu teu dipiara
Lamun ngurus jorok
Huntu téréh koropok.

Sing daék ngurus huntu
Najan keur manggih bungah
Najan pikir guligah
Tapi mun huntu nyeri
Rék bungah gé teu jadi
Sing apik kana huntu
Najan jalmana gandang
Najan taya kakurang
Nyeri huntu camerut
Rupa gé goréng patut.
___________________________________________________________________________________________________
LINGKUNG LEMBUR (Ganda Mekar Mang Koko)
Tuh di lamping pagunungan,
tuh di pasir gugumplukan,
tempat sirna paniisan,
lingkur lembur padusunan.

Aya mangsa kampung jadi kota, di sisi,
pamungpungan jalma nu ti dayeuh, ngarungsi,
kampung-kampung gegek lir di kota,
sisi gunung ngadadak sagala aya. 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar